Kumpulan Do'a-do'a

Panganteur Keur Nu Maca

 

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِي عَلَّمَ بِالْقَلَمِ عَلَّمَ الإِنْسَانَ مَا لَمْ يَعْلَمْ

أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ

وَ أَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُولُ اللهِ

 

Nu maca, hatur nuhun parantos kersa satia macaan naon nu aya dina blog sim kuring nu tebih tina sampurna ieu. Nu kasuhun mugia mangpaat kanggo sadayana. Unggal dinten, ieu blog ku sim kuring diupayakeun supados langkung sampurna batan samẻmẻhna. Utamina keur ngagampilkeun nu maca manggih naon nu ku anjeuna dipikabutuh.

 

Dina halaman ieu nu dijudulan Kumpulan Do’a-do’a, sim kuring baris nga-list do’a-do’a nu tos diapungkeun dina blog ieu. Nu tadi tẻa, keur ngagampilkeun nu maca surfing atanapi milari do’a-do’a nu dipikabutuh atanapi dipikahayang ngapalkeunana.


 Kuring gẻ ngahaja nyalin ieu halaman kana format pdf keur nambah ngagampangkeun ka nu suk mumuka pdf. Tah, dina format pdf mah nu maca kari pencẻt ctrl+klik tulisan-tulisan nu warna bulao. Kin bakal langsung kabuka blog kuring nu eusina naon nu tadi geus dipencẻt. Ngan hanjakal, komputerna, lẻptop atawa gejẻtna kudu nyambung kana internẻt. Lamun henteu mah moal bisa.


Sawatara ayeuna mah do’a-do’a tẻh makẻ tarjamahan basa sunda heula. Lẻgẻgna mah keur ngamumulẻ basa Sunda.

 

Dina halaman ieu, nu maca kari klik wẻ judul-judul atawa tulisan-tulisan di handap nu ku kuring dibẻrẻ warna bulao. Kin, bakal ngagebray atawa kabuka artikel do’a nu dipikahayang tẻa.

 

Sakali deui, mugia mangpaat ka sadayana, dunya akhẻratna.

 

وَ الله يَأْ خُذُ بِأَيْدِيْنَا إِلَى مَا فِيْهِ خَيْرٌ لِلْاِسْلَامِ وَ الْمُسْلِمِيْنَ



































































Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler