Tampilkan postingan dengan label Tatacara Ngado'a. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Tatacara Ngado'a. Tampilkan semua postingan

Rabu, 09 September 2020

DU'A-DU'A NU AYA HUBUNGANANA JEUNG MAMALA SARTA BAHAYA


(15) DU’A LAMUN NEMPO BAHAYA


اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِى عَافَانِى مِمَّا ابْتَلَاكَ بِهِ وَ فَضَّلَنِى علَى كَثِيْرٍ مِمَّنْ خَلَقَ تَفْضِيْلًا. ر. الترمذى: ٣٤٣١ عن عمر، ابن ماجح ٣٨٩٢
Sadayana puji kagungan Allah nu nyalametkeun diri abdi tina panguji Gusti, sareng tos ngutamakeun diri abdi ku kurnia Gusti nu teu kinten seueurna tibatan makhluk lianna. (HR. At-Tirmidzi 3431 ti Umar, Ibnu Majah 3892). Saur Rasul: Moal keuna ku ta mamala.



(17) DU’A LAMUN AYA ANGIN GED

اَللّٰهُمَّ إِنِّى أَسْأَلُكَ مِنْ خَيْرِهَا وَ خَيْرِ مَا فِيْهَا وَ خَيْرِ مَا أُرْسِلْتَ بِهِ وَ أَعُوْذُبِكَ مِنْ شَرِّهَا وَ شَرِّ مَا فِيْهَا وَ شَرِّ مَا أَرْسِلْتَ بِهِ. ر. الترمذى ٣٤٤٩ عن عائشة
Nun Gusti, saestuna abdi neda ka Gusti tina nu sana sareng kasaan nu aya dina ta angin, og kasaan nu ku Gusti tos dikintunkeunana, sareng abdi nyalindung ka Gusti tina bahayana nu aya dina angin ta sareng tina bahaya naon nu ku Gusti dikintunkeunana. (HR. At-Tirmidzi 3449 ti ‘Aisyah)



(18) DU’A LAMUN NGUPING GULUDUG

اَللّٰهُمَّ لَا تَقْتُلْنَا بِغَضَبِكَ وَ لَا تَهْلِكْنَا بِعَذَابِكَ وَ عَافِنَا قَبلَ ذٰلِكَ. ر. الترمذى: ٣٤٥ عن إبن عمر
Nun Gusti, mugi Gusti ulah ngabinasakeun diri abdi ku bebendon Gusti, sareng mugi Gusti ulah nyilakakeun diri abdi sadaya ku siksaan Gusti, mugi Gusti ngahapunten ka diri abdi sadaya ti sateuacanna. (HR. At-Tirmidzi 3450 ti Ibnu Umar)




SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Kamis, 03 September 2020

(6) DU’A SABA’DA TUANG



اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِى أَطْعَمَنَا و َ سَقَانَا وَ جَعَلَنَا مُسْلِمِيْنَ. ر. الترمذى: ٣٤٥٧: عن ابى سعيد


Sagala puji kagungan Allah, nu parantos maparin neda ka abdi sadayana, sareng leueuteun ka abdi sadayana, sareng ngajadikeun abdi sadayana jalama nu sumerah diri ka Gusti. (HR. At-Tirmidzi 3457 ti Abu Saied)

Saur Abu Saied: Rasulullah maca ieu du’a ba’da tuang sareng ngaleueut. (HR. At-Tirmidzi)






SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH

AbahnaJafits’s Corner Private Library

Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Kamis, 27 Agustus 2020

(5) DU’A DI WAKTU ISUK JEUNG WAKTU SORẺ




رَضِيْتُ بِاللّٰهِ رَبًّا وَ بِالإِسْلَامَ دِيْنًا وَ بِمُحَمَّدٍ نبِيًا. ر.الترمذى: ٣٣٨٩ عن ثوبَان


Abdi ridlo Allah ta jadi Pangran, sareng abdi ridlo Islam ta jadi Agama, sareng abdi ridlo Muhammad jadi Nabi. (HR. At-Tirmidzi 3389 ti Tsauban)


Dawuh Rasul: sing saha nu maca ieu aosan dina waktu isuk-isuk atawa waktu sor, pasti Allah bakal mikaridlo. (HR. At-Tirmidzi 3389)



SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Rabu, 26 Agustus 2020

(4) DU’A GUGAH TINA KULEM






اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِى أَحْيَانَا بَعْدَ مَا أَمَاتَنَا وَ إِلَيْهِ النُّشُوْرُ.
 ر.مسلم:١٨٩٧ عن البراء، ابو داود: ٥٠٤٩ عن حزيفة، الترمذى: ٣٤١٧


Sadayana puji kagungan Allah nu parantos mulihkeun abdi sadaya saba’da ngreureuhkeun abdi sadaya, sareng ka Anjeuna abdi sadaya kumpul jaga di akhrat. (HR. Muslim 1897 ti Al-Barro, Abu Dawud 5049 ti Huzafah, At-Tirmidzi 3417)

Saur Almundziri: Bukhari, At-Tirmidzi, An-Nasai, Ibnu Majah ngaluarkeun hadits sarupa kieu.






SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Selasa, 25 Agustus 2020

DU’A BADE KULEM



اَللَّهُمَّ بِسْمِكَ أَحْيَا وَ أَمُوْتُ - ر. مسلم: ١٨٩٧ عن البراء، ابو داود:٥٠٤٩ عن حزيفة

Nun Gusti kalawan asmana Gusti abdi hirup, sareng abdi maot. (HR. Muslim 1897 ti Al-Barroo. Abu Dawud 5049 ti Abu Hudzaẻfah)

Saur Rasulullah , lamun anjeun rẻk sarẻ prak susuci (wulu). Tidinya sarẻ nyangkẻrẻ ka beulah katuhu. (HR. Abu Dawud ti Al-Barroo)

عَنْ أَبِى عُمَارَةَ اَلْبَرَاءِ بْنِ عَازِبٍ رضى الله عنهما قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ : يَا فُلَانُ، إِذَا أَوَيْتَ إِلَى فِرَاشِكَ فَقُلِ: اَللّٰهُمَ أَسْلَمْتُ نَفْسِى إِلَيْكَ، وَ وَجَّهْتُ وَجْهِى إِلَيْكَ، وَ فَوَّضْتُ أَمْرِى إِلَيْكَ، وَ اَلْجَأْتُ ظَهْرِى إِلَيْكَ، رَغْبَةً وَ رَهْبَةً إِلَيْكَ، لَا مَلْجَأَ وَ لَا مَنْجَا مِنْكَ إلَّا إِلَيْكَ، اٰمَنْتُ بِكِتَابِكَ الَّذِى أَنْزَلْتَ، وَ نَبِيِّكَ الَّذِى أَرْسَلتَ، فَإِنَّكَ إِنْ مِتَّ مِنْ لَيْلَتِكَ مِتَّ عَلَى الْفِطْرَةِ و إنْ أَصْبَحْتَ أَصَبْتَ خَيْرًا. متفقٌ عليه

وَ فِى رِوَايَةٍ فِى االصَّحِيْحَيْنِ عَنِ الْبَراءِ قَالَ: قَالَ لِى رَسُوْلُ اللهِ : إِذَا أَتَيْتَ مَضْجَعَكَ فَتَوَضَّأَ وُضُوْءَكَ لِلصَّلَاةِ ثُمَّ اضْطَجِعْ علَىَ شِقِّكَ الْأَيْمَنُ وَ قُلْ، وَ ذَكَرَ نَحْوَهُ ثُمَّ قَالَ وَاجْعَلْهُنَّ اٰخِرا مَا تَقُوْلُ
رياض الصّالحين: بٰابٌ فِى الْيَقِيْنِ وَ الْتَّوَكّلِ/٧٢

Ti Abi 'Umarah, nyaẻta Albaro' bin 'Azib radhiallahu'anhuma, anjeuna cumarios: Rasulullah kantos sasauran: "Hẻi Fulan, lamun anjeun sarẻ nyangkẻrẻ di tempat sarẻ anjeun, heug anjeun omongkeun:

Ya Allah, abdi masrahkeun diri abdi ka Gusti,

Abdi nyanghareupkeun raray abdi ka Gusti,

Abdi masrahkeun urusan abdi ka Gusti,

Sareng abdi nyimpen tonggong (masrahkeun kakuatan diri) abdi ka Gusti,

Karana ajrih sareng sieun ka Gusti,

Teu aya tempat panyalindungan sareng teu aya tempat pilumpateun iwal ti ka Gusti,

Abdi iman kana kitab Gusti anu ku Gusti parantos diturunkeun,

Sareng abdi iman ka Nabi Gusti anu ku Gusti parantos diutus.

Saẻstuna anjeun - hẻi Fulan, lamun seug anjeun maot dina peuting ẻta, maka anjeun maot dina kaayaan fitrah – dina kayaan Islam – sarta lamun anjeun masih kẻnẻh bisa manggihan subuh, maka subuh ẻta subuh nu hadẻ keur anjeun." (Muttafaq 'alaih)

Oge dina riwayat shahihaen – dua kitab shahih - Bukhari dan Muslim, ti Albara', anjeuna sasauran: "Rasulullah s.a.w. dadawuh ka sim kuring: "Lamun anjeun ngadatangan tempat sare anjeun - maksudna dek sare, prak anjeun wudlu sakumaha wudhu' anjeun keur shalat, tuluy ngedeng (nyangigir) luhureun lambung (beuteung) katuhu anjeun, geus kitu pok ucapkeun... " Geus kitu dijelaskeun sakumaha nu ditulis di luhur, dina tungtungna Rasulullah s.a.w. dadawuh: "Jadikeun ucapan eta pameakan naon-naon nu diucakeun ku anjeun - maksudna satutasna ngadu’a nu tadi, tong ngomong nanaon deui." (Riyadlushshalihin: Bab Al-Yaqin Wa Tawakal/ Hadits No. 72 hal. 43)

عَنْ أَبِى عُمَارَةَ اَلْبَرَاءِ بْنِ عَازِبٍ رضى الله عنهما قَالَ:

Ti Abi 'Umarah, nyaẻta Albaro' bin 'Azib radhiallahu'anhuma, anjeuna cumarios:

قَالَ رَسُوْلُ الله :

Rasulullah kantos sasauran:

يَا فُلَانُ، إِذَا أَوَيْتَ إِلَى فِرَاشِكَ فَقُلِ:

"Hẻi Fulan, lamun sarẻ nyangkẻrẻ di tempat sarẻ anjeun, heug anjeun omongkeun:

اَللّٰهُمَ أَسْلَمْتُ نَفْسِى إِلَيْكَ،

Ya Allah, abdi masrahkeun diri abdi ka Gusti,

وَ وَجَّهْتُ وَجْهِى إِلَيْكَ،

Abdi nyanghareupkeun raray abdi ka Gusti,

وَ فَوَّضْتُ أَمْرِى إِلَيْكَ،

Abdi masrahkeun urusan abdi ka Gusti,

وَ الْجَأْتُ ظَهْرِى إِلَيْكَ،

Sareng abdi nyimpen tonggong (masrahkeun kakuatan diri) abdi ka Gusti,

رَغْبَةً وَ رَهْبَةً إِلَيْكَ،

Karana ajrih sareng sieun ka Gusti,

لَا مَلْجَأَ وَ لَا مَنْجَا مِنْكَ إلَّا إِلَيْكَ،

Teu aya tempat panyalindungan sareng teu aya tempat pilumpateun iwal ti ka Gusti,

اٰمَنْتُ بِكِتَابِكَ الَّذِى أَنْزَلْتَ،

Abdi iman kana kitab Gusti anu ku Gusti parantos diturunkeun,

وَ نَبِيِّكَ الَّذِى أَرْسَلتَ،

Sareng abdi iman ka Nabi Gusti anu ku Gusti parantos diutus.

فَإِنَّكَ إِنْ مِتَّ مِنْ لَيْلَتِكَ مِتَّ عَلى الْفِطْرَةِ و إنْ أَصْبَحتَ أَصَبْتَ خَيْرًا. متفقٌ عليه

Saẻstuna anjeun - hẻi Fulan, lamun seug anjeun maot dina peuting ẻta, maka anjeun maot dina kaayaan fitrah – dina kayaan Islam – sarta lamun anjeun masih kẻnẻh bisa manggihan subuh, maka subuh ẻta subuh nu hadẻ keur anjeun." (Muttafaq 'alaih)
Dicutat tina Kitab Riyadlushshalihin: Bab Al-Yaqin Wa Tawakal/ Hadits No. 72





SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Senin, 24 Agustus 2020

(2) DO’A CAMPUR (JIMA) SARENG BOJO



بِسْمِ اللهِ اَللّٰهُمَ جَنِّبْنِى الشَّيْطَانَ وَ جَنِّبِ الشَّيْطَانَ مَا رَزَقْتَنَا. - البخرى ٣: ٢٥٤، مسلم: ٨٢٨


“Kalayan asamana Allah, Nun Gusti mugi Gusti nebihkeun diri abdi tina gangguan syaitan, sareng mugi Gusti nebihkeun gangguan syaitan tina rizqi nu dipaparinkeun ka abdi sadaya (Al-Bukhari 3/254, Muslim 828)


Saur Rasulullah lamun maca ieu do’a mẻmẻh campur jeung bojo lamun tẻa mah ditaqdirkeun boga budak, moal gampang kausap syaitan.


Bismillah hartina, kalawan asma pitulung Allah katut taufiq Mantenna, sareng berkah Anjeunna. (Al-Qurthubi 1/96)







SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH



AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Minggu, 23 Agustus 2020

(1) BASMALLAH/ MACA BISMILLAH



كُلُّ أَمْرِ ذِى بَالٍ لَا يُبْدَأَ فِيْهِ بِبِسْمِ اللهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ أَفطَعُ. - ر. عبد القدر الرّهوى عن أبى هريرة، جامع الصّغير ٢: ١٥٣

“Tiap-tiap urusan nu merenah nu teu dimimitian ku Bismillahirrahmaanirrahiem eta teh putus (berkahna). (HR. Abdul Qadir Arrahwi ‘an Abi Huraeroh –Jami’ushshagier 2/153).

عَنْ عُمَرَ بْنِ أَبِى سَلَمَةَ قَالَ لِى رَسُوْلُ الله يَا غُلَامُ سَمِّ اللهَ وَ كُلْ بِيَمِيْنِكَ وَ كُلْ مِمَّا يَلِيْكَ. - البخارى ٣: ٢٩١

“Katampi ti Umar bin Abi Salamah (RA) saurna: Rasulullah ka kuring, “Yeuh jang! Baca Bismillah, jeung dahar ku leungeun katuhu, sarta prak dahar naon nu deukeut ka anjeun (ulah ngarongkong).” (HR. Al-Bukhari 3/291).

اَغْلِقْ بَابَكَ وَاذْكُرِ اسْمَ اللهِ، وَاطْفِىءْ مِصْبَاحِكَ وَاذْكُرِ اسْمَ اللهِ . - القرطبى

“Peundeutkeun panto anjeun bari maca “Bismillah”, jeung pareuman lampu anjeun bari maca “Bismillah”.” (AL-Qurthubi 1/198).


Sabtu, 22 Agustus 2020

DO’A KUDU JANGJANGAN


Ngado’a neda ka Allah, lain sakadar pamẻnta ku lisan baẻ, tapi kudu dijangjangan ku lampah jeung ibadah anu bener, sangkan do’a katampi ku Allah.

إِلَيْهِ يَصْعَدُ الْكَلِمُ الطَّيِّبُ وَالْعَمَلُ الصَّالِحُ يَرْفَعُهُ - فاطر: ١٠

“Ka Allah nepina kalimah nu hadẻ, jeung amal nu solẻh ẻta bakal ngangkatkeunnana”. (QS. Al-Fathir, 35:10)

Tegesna mun sakira pimaslahateun ẻta pamẻnta, dikabul tapi lamun sakirana matak bahaya lamun dicumponan kahayangna ku Allah ditahan pamẻntana, do’ana tetep di’ijabah tapi kudu sepi tina lampah doraka, jeung tara ma’siat nu sok megatkeun kana katampina do’a.

Ngado’a bari tetep ma’siat, lamun laksana ẻta hartina ISTIDRAAJ, panyungkun ti Allah.

إِذَا رَأَيْتَ اللهَ يُعْطِى الْعَبْدَ مِنَ الدُّنْيَا وَ هُوَ مُقِيْمٌ عَلَى مَعَاصِيْهِ فَإِنَّمَا ذٰلِكَ مِنْهُ اِسْتِدْرَاجٌ - احمد، الطبرنى، البيهقى

“Lamun anjeun nempo Allah masihan ka hiji jalma kadunyaan, bari manẻhna tetep dina ma’siat ka Allah, saẻstuna ẻta tẻh panyungkun ti Allah.” (HR. Ahmad, Thabrani, Baihaqi)


Do’a nu bakal dikabul, do’ana jalma nu solẻh, nu taat ibadah ka Allah.



وَ الله يَأْ خُذُ بِأَيْدِيْنَا إِلَى مَا فِيْهِ خَيْرٌ لِلْاِسْلَامِ وَ الْمُسْلِمِيْنَ

Jumat, 21 Agustus 2020

DO’A NU PASTI DI’IJABAH



ثَلَاثُ دَعْوَاتٍ يُسْتَجَابُ لَهُنَّ لَا شَكَّ فِيْهِنَّ دَعْوَةُ الْمَظْلُوْمِ، وَ دَعْوَةُ الْمُسَافِرِ، وَ دَعْوَاةُ الْوَالِدِ لِوَلَدِهِ - أبو داود: ١٥٣٦، إبن ماجة ٢/١٢٧٠


“Tilu do’a nu bakal diijabah kalawan teu sak deui: do’ana nu dianiaya, jeung do’ana nu keur nyaba, jeung do’ana hiji bapa ka anakna”. (HR. Abu Dawud 1536, Ibnu Majah 2/1270)

Rabu, 19 Agustus 2020

NGADU’A HENTEU MEUNANG TARIK-TARIK



Supaya du’ana dikabul, dina ngadu’a kudu tawadlu hormat ulah garawak-gorowok; Rasul dadawuh:

يَا أَيُّهَا النّاسُ اِرْبَعُوا عَلَى أَنْفُسِكُمْ فَإِنَّكُمْ لَا تَدْعُوْنَ أَصَمَّ وَ لَا غَائِبًا إِنَّهُ مَعَكُمْ إِنَّهُ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ تَبَارَكَ اسْمُهُ وَ تَعَالَى جدُّهُ. - البخارى ٢/١٦٨. مسلم ١٨٩٦

Yeuh sakabh manusa! Pikanyaah diri maranh, lantaran maranh th teu ngadu’a kanu tork, jeung kanu teu aya. Sastuna Anjeunna marengan maranh, sastuna Anjeunna Maha Ngareungeu tur Maha Caket, Maha Mulya Jenengan Anjeunna, sareng luhur kaagungana-Na. (HR. Al-Bukhari 2/168, Muslim 1896).

ta sababna ngadu’a kudu dp-dp, rintih, ulah tarik-tarik, sarta ulah dibarengkeun.

Ari ngadu’a kudu boga kayakinan bakal diijabah ku Allah, sabab kitu janjina Allah:

أَسْتَجِبْ لَكُمْ

“...pasti Kami nyumponan kana pamnta maranh” (QS. Ghafir, 40: 60)

Rasul dadawuh:

اُدْعُوْا اللهَ وَ أَنْتُمْ مُوْقِنُوْنَ بِالْإِجَبَةِ وَاعْلَمُوْ أَنَّ اللهَ لَا يَسْتَجِيْبُ دُعَاءً مِنْ قَلْبٍ لَاهٍ. الترمذى: ٣٤٧٩ عن أبى هريرة

Prak maranh ngadu’a bari sing yakin bakal diijabahna, yeuh kanyahokeun yn Allah ta moal narima du’ana jalma nu hatna cileureun lalawora. (HR. Attirmidzi ti Abu Huraeroh)


SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH

AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Senin, 17 Agustus 2020

TATACARA NGADO’A



اَلدُّعَاءُ

Addu’au: Pamẻnta ti sahandapeun ka saluhureun kana hiji perkara ku rupa omongan. Sarta do’a kudu langsung ka Allah:

اَلدُّعَاءُ مُخُّ الْعبَادَةِ. الترمذى :٣٣٧١

... ari do’a ẻta sumsumna ibadah (Attirmidzi 3371)

Dina sẻjẻn katerangan, Allah bendu lamun teu ngado’a ka Anjeunna. (Ibnu Majjah 3627 ti Abu Hurairah)

Nu tara ngado’a ka Allah nandakeun salah sahiji sipat takabur, bari manẻhna rẻa kabutuh nu teu bisa dilaksanakeun salian ti ku Allah.

وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ... غافر: ٦٠

...prak maranẻh ngado’a ka Kami, pasti Kami nyumponan kana pamẻnta maranẻh. (QS. Ghafir, 40: 60)

Nu rẻa ngado’ana, bakal bener jeung khusyu ibadahna, sarta moal wani ngalanggar aturan katut ajaran Allah, sabab karep ngado’a hayang dikabul do’ana. Ẻta sababna bener-bener dina ngado’ana bari ngalakukeun rupa amal nu sakira nẻrẻhkeun kana dikabul do’ana. 

DO’A ẺTA SUMSUMNA IBADAH, KURANG PAMẺNTA CAWẺRANG IBADAHNA.


SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH




AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler