(65) DU’A NEDA TAUFIQ GUSTI
اَللّٰهُمَّ
أَلْهِمْنِى رُشْدِى وَ أَعِذْنِى مِنْ شَرِّ نَفْسِى. ر. الترمذى: ٢٥٥٠ عن حسين
Nun Gusti mugi Gusti
nyocogkeun diri abdi kana pituduh Gusti nu katampi ku abdi, sareng mugi Gusti
maparin panangtayungan tina kajahatan abdi. (HR. At-Tirmidzi 2550 ti Husẻin).
Nalika Rasulullah tepang
sareng Husein nu masih kẻnẻh aya dina kakafiran, Rasulullah sasauran “Lamun anjeun asup Islam,
ku kaula bakal dibẻrẻ kalimah nu nguntungkeun keur anjeun.”
Saba’da manẻhna asup Islam, teras nagih ka Rasulullah, naon nu kungsi
dijangjikeun sateuacana tẻa.
Saur Rasulullah,”baca ieu
kalimah Allahumma alhimni...jst”. (At-Tirmidzi)
SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club