(76) NGAHANEUTKEUN IMAN
جَدِّدُوا
إِيْمَانَكُمْ، قِيْلَ وَ كَيْفَ نُجَدِّدُ إِيْمَانَنَا يَا رَسُوْلَ للهِ؟
قَالَ: أكْثِرُوْا مِنْ قَوْلِ لَا إِلٰهَ إلَّا اللهُ. ر. الطبرانى: تحفة
الذاكرين: ٢٩٠
Weuteuhan
iman aranjeun. Ti antara sahabat tumaros, kumaha ngaweuteuhan iman abdi sadaya
ya Rasulullah? Rasul midawuh: “Rẻakeun ucapan Laa Ilaaha illa Allahu.”
Ieu hadits
katampi ti Abi Huraẻroh. Carana ngucapkeun Laa Ilaaha illa Allahu ulah
diwaktukeun nu tangtu, sabab teu kitu Rasulullah nyontoanana sarta teu meunang
diberjamaahkeun lantaran teu aya contona. Ngan sawaktu-waktu ucapkeun ẻta
kalimah suci kalawan bener-bener ngarti kana hartina. Ulah ngucapkeun Laa
Ilaaha illa Allahu bari lampah sabalikna, ngalakukeun pamusyrikan jeung
sajabana.
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ
H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private
Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth
Study Club