Senin, 07 September 2020

DU’A BADẺ LEBET KA MASJID SARENG DU’A KALUAR TI MASJID


(13) DU’A BAD LEBET KA MASJID


اَللّٰهُمَّ افْتَحْ لِى أَبْوَابَ رَحْمَتِكَ. مسلم : ١٤٧، عن أبى أسيد

Nun Gusti, mugi Gusti mukakeun pikeun abdi lawang-lawang rahmat Gusti. (HR. Muslim 147 ti Abi Usaid)




(14) DU’A KALUAR TI MASJID


اَللّٰهُمَّ إِنِّى أَسْئَلُكَ مِنْ فَضْلِكَ. مسلم: ٢٤٧

Nun Gusti, sastuna abdi neda ka Gusti tina nugraha Gusti. (HR. Muslim 247)

Nu sarupa kieu diriwayatkeun deui ku Annasaai sareng Abu Dawud ngan ragu duka ti Abi Hamid duka ti Abi Usaid, tapi tetep duanana og sahabat Rasulullah , teu mangaruhan kana haditsna.

Dina riwayat Abu Dawud nu katampi ti Annasaai, Rasulullah upami lebet ka masjid anjeunna sok maos Bismillahi Allahumma Sholi ‘alaa Muhammadin.

Sarta upami kaluar maos Bismillahi Allahumma Sholi ‘alaa Muhammadin. (Annasaai 2/190) kantun milih. Sarta ulah waka calik sammh netepan heula dua raka’at tahiyyatul masjid.




SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler