(50) DU’A SABA’DA ADZAN
اَللّهُمَّ
رَبّاهٰذِه الدَّعْوَةِ التَّامَّةِ وَ الصَّلَاةِ الْقَائِمَةِ اٰتِ مُحَمَّدً
الْوَسِيْلَةَ وَ الْفَضِلَةَ وَابْعَثْهُ مَقَامًا مَحمُوْدً الَّذِى وَعدْتَهُ.
ر. البخاري ١:١١٥
Nun Gusti
nu kagungan ajakan nu sampurna ieu,
sareng shalat nu diadegkeun ieu, muga maparinan ka Muhammad nugraha wasilah
sareng kaunggulan sareng muga Gusti ngabangkitkeun anjeuna dina padumukan anu
pinuji nu ku Gusti tos dijanjikeun ka anjeuna. (HR. Bukhari 1/115)
Katerangan:
Dina bukuna nu
dijudulan “KUMPULAN DU’A DU’A SHALAT” EDISI BASA SUNDA nu dikaluarkeun ku
penerbit IBN AZKA citakan kadua, Juli taun 2005M/ Jumadl Awal 1426 H. Dina kaca
ka 4, Ustad Aceng Zakaria, ngeunaan ieu du’a anjeuna masihan sababaraha
katerangan:
1.
Tambahan; وَ
الدَّرَجَةَ الرَّفِيْعَةَ saba’da وَ الْفَضِيْلَةَ eta teu aya
dalilna
2.
Tambahan إِنَّكَ
لَا تُخْلِفُ الْمِيْعَادِ di akhirna, teu bisa dipastikeun shohihna.
3.
Eusi du’a nu tadi ditujukeun keur Nabi.
4.
Anu ngadu’a ku du’a nu tadi, dijamin
bakal meunang syafaat ti Nabi.
5.
Dina waktu ngadengekeun adzan,
diparentahkeun ngucapkeun siga anu diucapkeun kunu adzan, anging lafadz: حَيَّ
عَلَى الصَّلَاةِ + حَيَّ عَلَى الْفَلَاحِ, jawabanana: لَا حَوْلَ
وَ لَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللهِ.
6.
Saba’da adzan, dianjurkeun maca sholawat
ka Nabi, tapi tangtuna lain dilagukeun.
7.
Antara adzan jeung qomat aya saat
dikabulkeun du’a.
8.
Ucapan أَقَامَهَا
اللهُ وَ أَدَامَهَا dina waktu ngadengekeun qomat (قَدْ
قَامَتِ الصَّلَاةِ) teu aya hadits nu shohih.
SALINAN
BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar
Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung