Minggu, 27 September 2020

DU’A KANU TEU DAMANG, DU’A LAMUN AYA KANYERI DINA AWAK, sareng DU’A NU KEUR KAPAPATẺNAN/ KEUNA MUSIBAH


(34) DU’A KANU TEU DAMANG


اَللّٰهُمَّ رَبَّ النَّاسِ مُذْهِبَ البَأْسِ أَشْفِ أَنْتَ الشَّافِى، اَللّٰهُمَّ لَاشَفِيَ إلَّا أَنْتَ شِفَاءً لَا يُغَادِرُ سَقَمًا. ر. البخارى ٤/١٧ عن أنس

Nun Gusti nu ngariksa sakabh manusa mugi Gusti ngicalkeun panyakit, mugi Gusti ngadamangkeunana. Nun Gusti, Gusti tukang ngadamangkeun teu aya kashatan lintang kashatan ti Gusti, shat nu teu ngantunkeun panyakit. (Al-Bukhari 4/17 ti Anas)

Saur Siti ‘Aisyah binti Sa’di, upami Rasulullah ngalayad nu teu damang Anjeuna sok maos ieu du’a.

Kantos Rasulullah ngalayad Sa’ad, Anjeuna maos “Allahumma Asyfis Sa’dan” (Nun Gusti, mugi Gusti ngadamangkeun Sa’ad). (Trh. 12/236)



(35) DU’A LAMUN AYA KANYERI DINA AWAK


بِسْمِ للهِ 3x
أَعُوْذُ بِاللهِ وَ قُدْرَتِهِ مِنْ شَرِّ مَا أَخِدُ وَ أُحَاذِرُ. ر. مسلم: ١٣٣٧ عن عثمان بن أبى العاص

Kalayan asmana Allah 3x, abdi nyalindung ka Allah sareng kana pangawasa-Na tina kajahatan ieu panyakit nu kapendak sareng nu matak pikahariwangeun 7x. (HR. Muslim 1446 ti Utsman bin Abil ‘Ash)

Utsman bin ‘Ash, anjeuna sumping ka Rasulullah mupulihkeun kanyeri nu aya dina badan anjeuna, karaosna ti kawit anjeuna lebet Islam. Rasul dadawuh, “usapkeun leungeun anjeun kana nu karasa nyeri dina awak anjeun terus baca Bismillah tilu  kali tidinya baca أَعُوْذُ بِاللهِ وَ قُدْرَتِهِ مِنْ شَرِّ مَا أَخِدُ وَ أُحَاذِرُ   tujuh kali. (HR. Muslim 1447).



(36) DU’A NU KEUR KAPAPATNAN/ KEUNA MUSIBAH


إِنَّا لِلّٰهِ وَ إِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْن. اَللّٰهُمَّ أَجُوْنِى فِى مُصِيْبَتِى وَ اخْلِفْ لِى خَيْرًا مِنْهَا. ر. مسلم: ٤٦١ عن أم سلمة


Sastuna abdi sadaya ieu kagungan Allah sareng ka Anjeuna abdi sadaya bakal mulang. Nun Gusti mugi Gusti maparinan pahala pikeun abdi tina ieu musibah nu keuna ka abdi, sareng mugi Gusti ngagentos ku nu langkung sa batan ieu pikeun abdi.(HR. Muslim 461 ti Ummu Salamah).

Saur Ummu Salamah, sim kuring nguping Rasul sasaruran: “Sing saha jalma nu keuna musibah terus maca ieu du’a, ta jalma bakal diganjar tina musibahna sarta bakal digantian ku nu leuwih had. (HR. Muslim)

Musibah th umum, tegesna sans kapapastnan wa. Tiap-tiap mamala nu keuna kana diri, aos ieu du’a Inna lillaahi...! Disebatna ISTIRJA’.



SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler