(37)
DU’A DINA SHALAT MAYIT (1)
اَللّٰهُمَّ
اغْفِرْلَهُ وَارْحَمْهُ وَ عَافِهِ وَاعْفُ عَنْهُ وَ أَكْرِمْ نُزُلَهُ وَ
وَسِّحْ مَدْخَلَهُ وَ اغْسِلْهُ بِلْمَاءِ وَ الثَّلْجِ وَ الْبَرَدِ وَ نَقِّهِ
مِنَ الْخَطَايَا كَمَا يُنَقَّى الثَّوْبُ الْأَبْيَضُ مِنَ الدَّنَسِ وَ
أَبْدِلْهُ دَارًا مِنْ دَارِهِ وَ أَهْلًا خَيْرًا مِنْ أَهْلِهِ وَ زَوْجًا
خَيْرًا مِن زَوْجِهِ وَ أَدْخِلهُ الْجَنَّةَ وَ أَعِدْهُ مِنْ عَذَابِ
َالْقَبْرِ وَ عَذَابِ النَّارِ. مسلم ٤٧٧ عن عوف
Nun Gusti
mugi Gusti ngahapunten sareng mikawelas anjeuna, mugi Gusti ngahapunten kana
sagala dosana sareng mugi Gusti ngariksa anjeuna, sareng mugi Gusti ngabagẻakeun
kasumpinganana, sareng mugi Gusti ngalegakeun tempat lebetna, mugi Gusti
ngaberesihkeun ku cai pangampura lir segerna cai ẻs sareng
cai ibun, mugi Gusti ngaberesihkeun anjeuna tina sagala kokotor, mugi Gusti
ngagentosna ku tempat nu langkung saẻ batan tiheulana, jodo nu
langkung saẻ
batan tiheulana, sareng mugi Gusti nebihkeun anjeuna tina siksa kubur sareng
siksa naraka. (HR. Muslim 477 ti ‘Auf).
Saur ‘Auf,
“dugika kuring ngalamun hayang teuing maot didu’akeun ku Rasulullah siga bieu.”
(Muslim)
(38)
DU’A DINA SHALAT MAYIT (2)
اَللّٰهُمَّ
اغْفِرْلِحَيِّنَا وَ مَيِّتِنَا وَ شَاهِدِنَا وَ غَائِبِنَا وَ صَغِيْرِنَا و
كَبِيْرِنَا وَ ذَكَرِنَا وَ أُنْثَانَا. اَللّٰهُمَّ مَنْ أَحيَيْتَهُ مِنَّا
فَحَيِّهِ عَلَى عَلَى الْإِسْلَامِ وَ مَنْ تَوَفَّيْتَهُ مِنَّا فَتَوَفَّهُ عَلَى
الْإِيْمَانِ. ر. الترمذى: ١٠٢٤ عن أبى هريرة
Nun Gusti
mugi Gusti ngahapunten ka nu masih hirup ti kalangan abdi sadayana sareng ka nu
tos maotna, ka nu aya ogẻ ka nu teu ayana, nu leutik nu gedẻna,
pameget sareng istrina. Nun Gusti, sing saha anu dijumenengkeun ku Gusti mugi
Gusti ngahirupkeunana dina Islam, sareng sing saha nu ku Gusti dimaotkeun mugi
dimaotkeunana dina iman. (HR. Tirmidzi 1024 ti Abi Huraẻroh).
(39) DU’A DINA SHALAT MAYIT (3)
اَللّٰهُمَّ
َأَنْتَ رَبُّهَا وَ أَنْتَ رَزَقْتَهَا وَ أَنْتَ هَدَيْتَهَا لِلْإِسْلَامِ وَ أَنتَ
قَبَضْتَ رُوْحَهَا وَ أَنْتَ أَعْلَمُ بِسِرِّهَا وَ عَلَا نِيَّتَهَا جِعْنَا
شَفَعَاءَ فَاغْفِرْلَهُ. ر. ابو داود: ٣٢٠ عن أبى هريرة
Nun Gusti, Gusti nu kagungan ieu janazah, Gusti nu
nyiptakeunana sareng Gusti nu maparin pituduhna kana Islam, sareng Gusti
nyawana, sareng Gusti nu uninga kana sagala lelembutanana sareng nu kasarna,
abdi sadaya dongkap aya paneda, mugi ieu mayit tẻh dihampura ku Gusti. (HR. Abu Dawud 320 ti Abu Huraẻroh)
(40)
AOSAN NETEPAN MAYIT BUDAK
اَللّٰهُمَّ
اجْعَلهُ لَنَا سَلَفًا وَ فَرَظًا وَ ذُخْرًا. ر. البيهقِى٤/٤٠ عن أبى هريرة
Nun Gusti,
mugi Gusti ngajadikeun ieu mayit (budak) tẻh pikeun abdi sadaya kasaẻan
sampeureun, sarta mugi miheulaanana tẻh janten kasaẻan
pikeun abdi sadaya, janten kautamaan. (HR. Al-Bayhaqie 4/10 ti Abi Huraẻroh).
Saur Abi
Huraeroh, “Rasulullah tara ngantunkeun nyolatan jalma nu beresih kẻnẻh
tina dosa (budak). Diriwayatkeun ku Imam Bukhari. (Fikus Sunnah 1/525).
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah
Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung