(32)
DU’A DINA NALIKA SHALAT
اَللّٰهُمَّ
إِنِّى ظَلَمْتُ نَفْسِى ظُلْمًا كَثِيْرًا وَ لَا يَغْفِرُ الذُّنُوْبَ إلَّا
أَنْتَ فَاغْفِرْلِى مَغْفِرَةً مِنْ عِنْدِكَ وَارْحَمْنِي إِنَّكَ أَنْتَ
الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ. ر. البخارى ١/١٥١، ٤/١٠٢؛ ابن ماجح: ٣٨٣٥ عن أبي بكر رضي
الله عنه
Nun Gusti
saẻstuna
abdi rumaos parantos nganiaya diri abdi ku rupa panganiaya nu kalintang rẻana,
sareng teu aya nu baris ngahampura kana sagala dosa anging Gusti. Kumargi ẻta
mugi Gusti ngahampura kana dosa abdi ku pangampura nu wungkul ti Gusti. Mugi
Gusti maparin rahmat ka abdi. Saẻstuna Gusti, Gusti lautan
hampura tur nu maha welas asih. (HR. Bukhari 1/151, 4/102, Ibnu Majah 3835 ti
Abu Bakar (RA))
Abu Bakar
sasauran, “Ya Rasulullah, ajarkeun ka abdi hiji du’a kanggẻ
abdi ngadu’a dina nalika shalat.”
Rasulullah
dadawuh, “Baca ku anjeun اَللّٰهُمَّ
إِنِّى ظَلَمْتُ نَفْسِى ظُلْمًا كَثِيْرًا...jst.”
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung