BUBUKA
بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ
Alhamdulillah, ku pangersa Allah
nu Maha Kawasa dina kaping 26 Pẻbruari 1981 kapungkur KH. Abdullah parantos
ngarẻngsẻkeun nyerat BUBUKA kanggo bukuna anu dijudulan 75 Do’a-do’a Rasulullah
SAW. Saterasna buku eta dicitak sababaraha kali malih ditarjamahkeun kana basa
Indonẻsia.
Ngimeut-ngimeut jaman keur beunceuh,
basa keur leutik di pilemburan sim kuring, ẻta buku tẻh osok dijadikeun bahan
ajar para ustad dina pangaosan boh pangaosan awẻwẻ boh lalaki, rẻk bada subuh
atawa pasosorẻ. Osok rẻang ibu-ibu kadẻngẻ ti kajauhan taya kaẻra euweuh kagẻngsi.
Biasana, sok mimiti dibacakeun sakali ku ustad tuluy diturutan ku ibu-ibu, rẻang.
Ari bapa-bapa mah tara kadẻngẻ teuing, duka kasilep ku sora awẻwẻ anu jalengẻr,
duka jumlah mustami bapa-bapana nu teu pati loba batan jumlah mustami awẻwẻ,
duka saeutik. Ngan moal ari euweuh mah, da nu sok ngawurukan tẻh bapa-bapa nyaẻta
ustad tẻa pan, lain ustadah?
Kaayaan kitu tẻh ku jaman ayeuna,
mangsana kuring geus maju ka kolot sok jadi implengan sorangan, sok jadi
romantika. Sabab masing loba ogẻ masjid rajeg arajeg jaba alagrẻng, kajianana
harẻbat ngeunaan sagala rupa hal anu trẻn jeung pẻnomẻnal, ayeuna mah arang kadẻngẻ
sora awẻwẻ raẻng ngapalkeun doa-doa kitu bari teu ẻra komo deui gẻngsi mah.
Matak kitu, uing rẻk ngalẻngkah
ah. Baẻ ieu mah keur sauingeun gẻ. Suka waẻ baca mun henteu maenya teuing asa
ku piraku?
Tadi kira-kira jam satu beurang
sabalikna uing ti masjid ngalaksanakeun salat lohor, dina tipi saurang ustad
ngabahas surat Al-Asr nu unina kabẻh gẻ geus pada apal eusina geus pada nyaho.
Yẻn sakabẻh jalma aya dina karugian, iwal ti jalma-jalma nu ariman jeung
jalma-jalma nu ngamalkeun amalan-amalan solẻh jeung jalma-jalma anu silih
ingetan kana bebeneran ogẻ kasabaran. Ku kituna, naon nu baris dilakukeun ku
kuring ayeua mudah-mudahan nincak kana cara-cara jalma-jalma nu diiwalkeun dina
ẻta surat.
Naon nu baris dipigawẻ tẻh atuh
Bray?
Kieu Cẻng, mugia Allah maparinan
idin sareng marengan! Uing dẻk nyalin deui buku KH. Abdullah tadi, maksudna mah
wang babarengan ngapalkeun do’a-do’a nu diajarkeun dina buku ẻta (ceuk uing mah
da kitab). Mudah-mudahan bisa isuk-isuk kẻnẻh dipostingkeun dina ieu grup
(maksudna dina grup Whatsapp), lamun henteu waẻ sugan pasosorẻna. Muga disẻhatkeun
sarta diistikomahkeun.
Atuh meureun ngarumpak aturan Hak
Cipta?
Heuh, ẻta gẻ geus jadi pikiran uing
ti baheula mula. Ngan kieu, wang ngadu’a wẻ mudah-mudahan naon nu dipigawẻ ku
kuring ayeuna dipikarido ku anjeuna ogẻ kulawargana (jadi moal nungtut royalty
ka uing); kaduana, wang ngadu’a muga naon nu parantos dipidamel ku anjeuna tẻh
janten jariah kanggo mantena, nu baris mangmukakeun lawang sawarga. Aamiin.
Hampura ku hiji ku dua. Kahiji lantaran
dina ieu bubuka uing makẻ basa Sunda loma (deukeut-deukeut kana kasar ceuk mẻnak
mah) lain basa lemes. Maksudna mah ambẻh uingna lancar ngetikna wẻ teu loba
teung muka kamus. Kaduana ka nu teu biasa makẻ basa Sunda, maksudna ambẻh
ngabiasakeun makẻ deui basa Sunda, baẻ Sunda loma gẻ (heula) atuh. Ka urang
sabrang jeung nu sẻjẻnna, hayu wang bareng diajar makẻ basa Sunda. Heuh pan
urang tẻh ayeuna mah di tatar Sunda, kitu?
Nu maca, salinan tẻh dẻk
saujratna wẻ sakumaha naon nu ditulis ku KH. Abdullah ti mimiti BUBUKA-na tug
dugika poin ka (75). Di ahir, ieu salinan dẻk dikumpulkeun dijadikeun PDF,
insyaa Allah. Muga bisa diapungkeun dina ieu grup. Tah, lamun nu maca hayang
maca salengkepna, hadẻna mah meuli bukuna. Pan meuli buku tẻh salah sahiji cara
keur ngamajukeun kaparigelan tukang tulas tulis jeung para ulama, kaituna ẻlmu.
Lamun alesana can manggih bukuna, bisa terus dileukeunan naon nu baris
diapungkeun ku uing dina ieu grup. Lamun alesana teu boga duit, asa ku piraku
udud kabeuli ari buku nu haregana teu leuwih ti duapuluh rẻbu teu kabeuli?
Kacida! Terlalu, ceuk Rhoma mah.
Cag!
***
لو لا العلم لكان النّاس كالبهائم