(30)
DU’A ULAH TIKERELEP DINA HUTANG
اَللّٰهُمَّ إِنِّى أَعُوْ ذُبِكَ
مِنَ الْهَمِّ وَ الْحُزْنِ وَ الْعَجْزِ وَ الْكَسَلِ وَ الْبُخْلِ وَ الْجُبْنِ
وَ ضَلْعِ الدَّيْنِ وَ غَلَبَةِ الرِّجَالِ. ر. البخارى ٤:١٠٧
Nun Gusti abdi nyalindung ka Gusti tina kabingung sareng kasusah sareng tina kalemahan sareng tina kakedulan. Ogẻ abdi nyalindung ka Gusti tina kakorẻtan sareng sifat borangan sareng tina tikerelep dina hutang, sareng nyalindung ka Gusti tina barangasanna jalma-jalma jahat. (HR. Al-Bukhari 4/107)
Dina
riwayat Abu Dawud, Abu Saied kantos sasauran hiji waktos Rasulullah lebet ka
masjid, kasampak aya hiji jalma ti golongan Anshar jenenganana Abu Umamah keur
cinekul ngajentul siga nu nandangan kasusah.
Ku Rasul ẻta
jalma ditaros, “Keur naon Abu Umamah aya di dieu lain dina waktuna shalat?”
Abu Umamah
ngawaler, “Numawi abdi teh nuju seuseur kabingung, ngemutan sambetan.”
Tidinya
Rasulullah sasauran, “Yeuh Abu Umamah, naha anjeun hayang dibẻrẻ
nyaho du’a pikeun ngaleungitkeun kabingung lunas hutang? Prak baca ku anjeun
ieu du’a dina waktu isuk jeung waktu sorẻ, اَللّٰهُمَّ إِنِّى أَعُوْ ذُبِكَ مِنَ الْهَمِّ وَ الْحُزْنِ ...jst !
Saur Abu
Umamah, “Sanggeusna kuring maca eta du’a bari ngarti kana eusi jeung kandungan ẻta
du’a, kabingung jeung kasusah teu aya, hutang jadi kurang. (Islahul wa’didieni
224)
(31)
DU’A LAMUN DATANG KAREREPET ANU BANGET
يَا حَيُّ يَا
قَيُّوْمُ بِرَحمَتِكَ أَسْتَغِيْثُ. ر. الترمذى: ٣٥٢٤
Nun Gusti
nu jumeneng ku Anjeun, rahmat Gusti nu ku Abdi disuhunkeun (HR. At-Tirmidzi
3524)
Saur
sahabat Annas, “Rasulullah upami aya karerepet nu banget sok maos ieu du’a.”
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung