Tampilkan postingan dengan label DU’A-DU’A NU AYA HUBUNGANANA JEUNG NYANYABAAN. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label DU’A-DU’A NU AYA HUBUNGANANA JEUNG NYANYABAAN. Tampilkan semua postingan

Jumat, 04 September 2020

DU’A-DU’A NU AYA HUBUNGANANA JEUNG NYANYABAAN (II)


DU’A NAẺK KENDARAAN (tambahan)


بِسْمِ اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ رَحِيمٌ

Kalayan nyebat asma Allah dina waktu balayar sinareng balabuhna, saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura sareng Nu Maha Welas Asih.

Du’a ieu diucapkeun nalika Nabi Nuh AS naẻk kana parahuna. Dicutat tina Surat Hud ayat ka 41 nu lengkepna kieu:


وَقَالَ ارْكَبُوا فِيهَا بِسْمِ اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ رَحِيمٌ

Lajeng Nabi Nuh (AS) cumarios: “Pẻk maranẻh naraẻk Kalayan nyebat asma Allah dina waktu balayar sinareng balabuhna, saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura sareng Nu Maha Welas Asih.




(9) DU’A MULANG TI PANYABAAN


اٰيِبُوْنَ تَائِبُوْنَ عَابِدُوْنَ لِرَبِّنَا حَامِدُوْنَ. ر. الترمذى: ٣٤٤ْ عن عازب

Abdi sadaya mulang, abdi sadaya neda pangampura, abdi sadaya ibadah ka Gusti, ngan ka Gusti abdi sadaya muji. (HR. Tirmidzi 3440 ti ‘Aazib).

Rasulullah upami anjeunna mulang ti panyabaan, anjeunna sok maos ieu aosan.




(10) DU’A NGAJAJAPKEUN NU BAD MIOS


أَسْتَوْدِعُ اللهَ دِيْنَكَ وَ أَمَانَتَكَ وَ اٰخِرَ عَمَلِكَ. ر. الترمذى: ٣٤٤٣

Abdi neda pangriksa Gusti sangkan ngariksa agama anjeun, jeung amanat anjeun, jeung tungtung amal anjeun. (HR. At-Tirmidzi 3443)

Rasulullah upami anjeunna jajap nu bad nyaba sok nyepengan kana leungeunna nu bad indit sarta tara dilsotkan satungtung ta jalma can ngaleupaskeun panangan Rasulullah teras anjeunna ngadu’a nu tadi (HR. At-Tirmidzi).





SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library

Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Kamis, 03 September 2020

DU’A-DU’A NU AYA HUBUNGANANA JEUNG NYANYABAAN (I)


(7) DU’A BAD KALUAR TI BUMI

بِسْمِ اللهِ تَوَكَّلتُ عَلَى اللهِ وَ لَا حَوْلَ وَ لَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللّٰهِ. ر. الترمذى: ٣٤٢٦، عن أنس

Kalawan nyebat asmana Allah, abdi sumerah diri ka Allah, taya daya upaya salian ti ku Allah. (HR. At-Tirmidzi: 3426 ti Anas bin Malik).

Saur Rasulullah , sing saha nu kaluar ti imah maca ieu aosan, Malaikat bakal ngadu’akeun: “Mudah-mudahan dicumponan kabutuhan anjeun sarta diriksa tina bahaya (musuh) sarta dijauhkeun tina gogoda sytan. (Al-Awadzi 9/384).


(8) DU’A BAD NYABA

اَللّهُمَّ أَنْتَ الصَّاحِبُ فِى السَّفَرِ وَ الْخَلِيْفَةُ فِى الْأَهْلِ،
اَللّهُمَّ إِنِّى أَعُوْذُبِكَ مِنْ وَعْثَاءِ السَّفَرِ وَ كَابَةِ الْمُنقَلَبِ،
اَللّهُمَّ أَصْبَحْنَا فِى سَفَرِنَا وَ أَخْلُفْنَا فِى أَهْلِنَا مِنَ الْحَوْرِ بَعدَ الْكَوْنِ،
وَ مِنْ دَعْوَةِ الْمَظْلُوْمِ وَ مِنْ سُوْءِ الْمَنْظَرِ فِى الْأَهْلِ وَ الْمَالِ. ر. الترمذى: ٣٤٣٩ عن عبد الله بن سرجس

Nun Gusti, pitulung Gusti nu nyarengan dina ieu panyabaan, sareng nu nalingakeun nu dikantun ti ahli famili. Nun Gusti sastuna abdi nyalindung ka Gusti tina karipuhan ieu panyabaan, sareng tina katunggaraan pangbalikan. Nun Gusti abdi sadaya nuju aya dina subuh kiwari th, aya dina panyabaan, mugi Gusti ngantunkeun bekel pikeun kulawarga abdi sadaya tina rupi kakirangan sabadana aya (kacekapan). Sareng abdi sadaya nyalindung ka Gusti tina du’ana jalma anu didolim, sareng tina gorngna tetempoan di kalangan pamili sareng harta. (HR. At-Tirmidzi 3439 ti Abdullah bin Sarjis)

Rasulullah upami anjeuna mimiosan (nyaba) anjeuna sok maos ieu du’a.





SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung


Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler