Senin, 17 Agustus 2020

TATACARA NGADO’A



اَلدُّعَاءُ

Addu’au: Pamẻnta ti sahandapeun ka saluhureun kana hiji perkara ku rupa omongan. Sarta do’a kudu langsung ka Allah:

اَلدُّعَاءُ مُخُّ الْعبَادَةِ. الترمذى :٣٣٧١

... ari do’a ẻta sumsumna ibadah (Attirmidzi 3371)

Dina sẻjẻn katerangan, Allah bendu lamun teu ngado’a ka Anjeunna. (Ibnu Majjah 3627 ti Abu Hurairah)

Nu tara ngado’a ka Allah nandakeun salah sahiji sipat takabur, bari manẻhna rẻa kabutuh nu teu bisa dilaksanakeun salian ti ku Allah.

وَقَالَ رَبُّكُمُ ادْعُونِي أَسْتَجِبْ لَكُمْ... غافر: ٦٠

...prak maranẻh ngado’a ka Kami, pasti Kami nyumponan kana pamẻnta maranẻh. (QS. Ghafir, 40: 60)

Nu rẻa ngado’ana, bakal bener jeung khusyu ibadahna, sarta moal wani ngalanggar aturan katut ajaran Allah, sabab karep ngado’a hayang dikabul do’ana. Ẻta sababna bener-bener dina ngado’ana bari ngalakukeun rupa amal nu sakira nẻrẻhkeun kana dikabul do’ana. 

DO’A ẺTA SUMSUMNA IBADAH, KURANG PAMẺNTA CAWẺRANG IBADAHNA.


SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH KH. ABDULLAH




AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung

Saran Bacaan untuk Anda

Adab Murid dan Guru

Oleh: سعيد حوى   Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler