(57) DU’A DI WAKTU SHUBUH
اَللّٰهُمَّ
بِكَ أَصْبَحْنَا وَ بِكَ أَمْسَيْنَا وَ بِكَ نَحْيَا وَ بِكَ نَمُوْتُ وَ
إِلَيْكَ الْمَصِيْرُ. ر. الترمذى: ٣٣٩١ عن أبى هريرة
Nun Gusti, ku pangersa
Gusti abdi sadaya tepung deui sareng subuh nu kiwari, sareng ku pangersa Gusti
abdi sadaya tepung sareng wanci sorẻ ieu, ku pangersa Gusti abdi sadaya hirup, sareng ku pangersa Gusti
abdi sadaya maot, sareng ka Gusti tempat pangbalikan. (HR. At-Tirmidzi 3391 ti
Abi Huraẻroh)
Rasulullah ngajarkeun ieu du’a
ka para sahabat, upami tepung jeung waktu shubuh.
(58) DU’A DI WAKTU SORẺ
اَللّٰهُمَّ
بِكَ أَمسَيْنَا وَ بِكَ أَصْبَحْنَا وَ بِكَ نَحْيَا وَ بِكَ نَمُوْتُ. ر.
الترمذى: ٣٣٩١ عن أبى هريرة
Nun Gusti, ku pangersa
Gusti abdi sadaya tepung deui sareng sorẻ ieu, sareng ku pangersa Gusti abdi sadaya tepung sareng wanci
subuh nu kiwari, ku pangersa Gusti abdi sadaya hirup, sareng ku pangersa Gusti
abdi sadaya maot. (HR. At-Tirmidzi 3391 ti Abi Huraẻroh)
Rasulullah ngawulangkeun
ieu du’a ka para sahabat nalika aya di waktu sorẻ.
SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung