اَللَّهُمَّ بِسْمِكَ أَحْيَا وَ أَمُوْتُ
- ر. مسلم: ١٨٩٧ عن البراء، ابو داود:٥٠٤٩ عن حزيفة
Nun Gusti
kalawan asmana Gusti abdi hirup, sareng abdi maot. (HR. Muslim 1897 ti
Al-Barroo. Abu Dawud 5049 ti Abu Hudzaẻfah)
Saur
Rasulullah ﷺ,
lamun anjeun rẻk sarẻ prak susuci (wulu). Tidinya sarẻ nyangkẻrẻ ka beulah
katuhu. (HR. Abu Dawud ti Al-Barroo)
عَنْ أَبِى عُمَارَةَ اَلْبَرَاءِ بْنِ عَازِبٍ رضى الله
عنهما قَالَ: قَالَ رَسُوْلُ اللهِ ﷺ: يَا فُلَانُ، إِذَا أَوَيْتَ إِلَى فِرَاشِكَ فَقُلِ:
اَللّٰهُمَ أَسْلَمْتُ نَفْسِى إِلَيْكَ، وَ وَجَّهْتُ وَجْهِى إِلَيْكَ، وَ
فَوَّضْتُ أَمْرِى إِلَيْكَ، وَ اَلْجَأْتُ ظَهْرِى إِلَيْكَ، رَغْبَةً وَ
رَهْبَةً إِلَيْكَ، لَا مَلْجَأَ وَ لَا مَنْجَا مِنْكَ إلَّا إِلَيْكَ، اٰمَنْتُ
بِكِتَابِكَ الَّذِى أَنْزَلْتَ، وَ نَبِيِّكَ الَّذِى أَرْسَلتَ، فَإِنَّكَ إِنْ
مِتَّ مِنْ لَيْلَتِكَ مِتَّ عَلَى الْفِطْرَةِ و إنْ أَصْبَحْتَ أَصَبْتَ
خَيْرًا. متفقٌ عليه
وَ فِى رِوَايَةٍ فِى االصَّحِيْحَيْنِ عَنِ الْبَراءِ
قَالَ: قَالَ لِى رَسُوْلُ اللهِ ﷺ: إِذَا أَتَيْتَ مَضْجَعَكَ فَتَوَضَّأَ وُضُوْءَكَ
لِلصَّلَاةِ ثُمَّ اضْطَجِعْ علَىَ شِقِّكَ الْأَيْمَنُ وَ قُلْ، وَ ذَكَرَ
نَحْوَهُ ثُمَّ قَالَ وَاجْعَلْهُنَّ اٰخِرا مَا تَقُوْلُ
رياض الصّالحين: بٰابٌ فِى الْيَقِيْنِ وَ الْتَّوَكّلِ/٧٢
Ti Abi 'Umarah, nyaẻta Albaro' bin
'Azib radhiallahu'anhuma, anjeuna cumarios: Rasulullah ﷺ
kantos sasauran: "Hẻi Fulan, lamun anjeun sarẻ nyangkẻrẻ di tempat sarẻ
anjeun, heug anjeun omongkeun:
Ya Allah, abdi masrahkeun diri abdi
ka Gusti,
Abdi nyanghareupkeun raray abdi ka
Gusti,
Abdi masrahkeun urusan abdi ka
Gusti,
Sareng abdi nyimpen tonggong
(masrahkeun kakuatan diri) abdi ka Gusti,
Karana
ajrih sareng sieun ka Gusti,
Teu aya
tempat panyalindungan sareng teu aya tempat pilumpateun iwal ti ka Gusti,
Abdi iman
kana kitab Gusti anu ku Gusti parantos diturunkeun,
Sareng abdi
iman ka Nabi Gusti anu ku Gusti parantos diutus.
Saẻstuna
anjeun - hẻi Fulan, lamun seug anjeun maot dina peuting ẻta, maka anjeun maot
dina kaayaan fitrah – dina kayaan Islam – sarta lamun anjeun masih kẻnẻh bisa
manggihan subuh, maka subuh ẻta subuh nu hadẻ keur anjeun." (Muttafaq
'alaih)
Oge dina
riwayat shahihaen – dua kitab shahih - Bukhari dan Muslim, ti Albara', anjeuna
sasauran: "Rasulullah s.a.w. dadawuh ka sim kuring: "Lamun anjeun
ngadatangan tempat sare anjeun - maksudna dek sare, prak anjeun wudlu sakumaha wudhu'
anjeun keur shalat, tuluy ngedeng (nyangigir) luhureun lambung (beuteung)
katuhu anjeun, geus kitu pok ucapkeun... " Geus kitu dijelaskeun sakumaha
nu ditulis di luhur, dina tungtungna Rasulullah s.a.w. dadawuh: "Jadikeun
ucapan eta pameakan naon-naon nu diucakeun ku anjeun - maksudna satutasna
ngadu’a nu tadi, tong ngomong nanaon deui." (Riyadlushshalihin: Bab Al-Yaqin Wa Tawakal/ Hadits No. 72 hal. 43)
عَنْ أَبِى عُمَارَةَ اَلْبَرَاءِ بْنِ
عَازِبٍ رضى الله عنهما قَالَ:
Ti Abi
'Umarah, nyaẻta Albaro' bin 'Azib radhiallahu'anhuma, anjeuna cumarios:
قَالَ
رَسُوْلُ الله ﷺ:
Rasulullah ﷺ
kantos sasauran:
يَا فُلَانُ، إِذَا أَوَيْتَ إِلَى
فِرَاشِكَ فَقُلِ:
"Hẻi
Fulan, lamun sarẻ nyangkẻrẻ di tempat sarẻ anjeun, heug anjeun omongkeun:
اَللّٰهُمَ أَسْلَمْتُ نَفْسِى إِلَيْكَ،
Ya Allah, abdi masrahkeun diri abdi
ka Gusti,
وَ وَجَّهْتُ وَجْهِى إِلَيْكَ،
Abdi nyanghareupkeun raray abdi ka
Gusti,
وَ فَوَّضْتُ أَمْرِى إِلَيْكَ،
Abdi masrahkeun urusan abdi ka
Gusti,
وَ الْجَأْتُ ظَهْرِى إِلَيْكَ،
Sareng abdi nyimpen tonggong
(masrahkeun kakuatan diri) abdi ka Gusti,
رَغْبَةً وَ رَهْبَةً إِلَيْكَ،
Karana
ajrih sareng sieun ka Gusti,
لَا مَلْجَأَ وَ لَا مَنْجَا مِنْكَ إلَّا إِلَيْكَ،
Teu aya
tempat panyalindungan sareng teu aya tempat pilumpateun iwal ti ka Gusti,
اٰمَنْتُ بِكِتَابِكَ الَّذِى أَنْزَلْتَ،
Abdi iman
kana kitab Gusti anu ku Gusti parantos diturunkeun,
وَ نَبِيِّكَ الَّذِى أَرْسَلتَ،
Sareng abdi
iman ka Nabi Gusti anu ku Gusti parantos diutus.
فَإِنَّكَ إِنْ مِتَّ مِنْ لَيْلَتِكَ
مِتَّ عَلى الْفِطْرَةِ و إنْ أَصْبَحتَ أَصَبْتَ خَيْرًا. متفقٌ عليه
Saẻstuna
anjeun - hẻi Fulan, lamun seug anjeun maot dina peuting ẻta, maka anjeun maot
dina kaayaan fitrah – dina kayaan Islam – sarta lamun anjeun masih kẻnẻh bisa
manggihan subuh, maka subuh ẻta subuh nu hadẻ keur anjeun." (Muttafaq
'alaih)
Dicutat tina Kitab Riyadlushshalihin:
Bab Al-Yaqin Wa Tawakal/ Hadits No. 72
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung