(7)
DU’A BADẺ KALUAR TI BUMI
بِسْمِ اللهِ
تَوَكَّلتُ عَلَى اللهِ وَ لَا حَوْلَ وَ لَا قُوَّةَ إِلَّا بِاللّٰهِ. ر.
الترمذى: ٣٤٢٦، عن أنس
Kalawan
nyebat asmana Allah, abdi sumerah diri ka Allah, taya daya upaya salian ti ku
Allah. (HR. At-Tirmidzi: 3426 ti Anas bin Malik).
Saur
Rasulullah ﷺ,
sing saha nu kaluar ti imah maca ieu aosan, Malaikat bakal ngadu’akeun:
“Mudah-mudahan dicumponan kabutuhan anjeun sarta diriksa tina bahaya (musuh)
sarta dijauhkeun tina gogoda syẻtan. (Al-Awadzi 9/384).
(8)
DU’A BADẺ NYABA
اَللّهُمَّ
أَنْتَ الصَّاحِبُ فِى السَّفَرِ وَ الْخَلِيْفَةُ فِى الْأَهْلِ،
اَللّهُمَّ
إِنِّى أَعُوْذُبِكَ مِنْ وَعْثَاءِ السَّفَرِ وَ كَابَةِ الْمُنقَلَبِ،
اَللّهُمَّ
أَصْبَحْنَا فِى سَفَرِنَا وَ أَخْلُفْنَا فِى أَهْلِنَا مِنَ الْحَوْرِ بَعدَ
الْكَوْنِ،
وَ مِنْ دَعْوَةِ
الْمَظْلُوْمِ وَ مِنْ سُوْءِ الْمَنْظَرِ فِى الْأَهْلِ وَ الْمَالِ. ر. الترمذى:
٣٤٣٩ عن عبد الله بن سرجس
Nun Gusti,
pitulung Gusti nu nyarengan dina ieu panyabaan, sareng nu nalingakeun nu
dikantun ti ahli famili. Nun Gusti saẻstuna abdi nyalindung ka
Gusti tina karipuhan ieu panyabaan, sareng tina katunggaraan pangbalikan. Nun
Gusti abdi sadaya nuju aya dina subuh kiwari tẻh, aya
dina panyabaan, mugi Gusti ngantunkeun bekel pikeun kulawarga abdi sadaya tina
rupi kakirangan sabadana aya (kacekapan). Sareng abdi sadaya nyalindung ka
Gusti tina du’ana jalma anu didolim, sareng tina gorẻngna
tetempoan di kalangan pamili sareng harta. (HR. At-Tirmidzi 3439 ti Abdullah
bin Sarjis)
Rasulullah
ﷺ
upami anjeuna mimiosan (nyaba) anjeuna sok maos ieu du’a.
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ KH. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung