Alhamdulillah, ku pangersa Allah
nu Maha Kawasa buku 75 Do’a-do’a Rasulullah tiasa medal deui, nu tadina ngan
sakadar diranio, ku seueurna pamundut ningkat kana dicitak.
Poko maksud taya sanẻs lintang ti seja ngiring nyebarkeun aosan-aosan katut do’a-do’a nu biasa dilaksanakeun ku Rasulullah SAW.
Do’a teu khusus kudu ku basa Arab
baẻ, ku basa naon ogẻ tiasa, ngan tangtu ngado’a ku do’a nu biasa diaos ku
Rasulullah SAW ẻta langkung utami.
Aosan sareng do’a Rasulullah sanẻs
sakieu baẻ rẻa kẻnẻh, ieu mah tiantarana, muga-muga baẻ ku sakieu aya guna
sareng mangpaatna pikeun nu ngamalkeunana.
Mudah-mudahan aya paẻdahna.
Bandung, 26 Pẻbruari 1981
Wassalam, w.w.
H.E. ABDULLAH
CITAKAN KADUA
Patali citakan nu kahiji parantos sẻẻp, sareng rẻa nu usul dicitak kadua kalina, kanggẻ nyumponan ẻta pamundut Alhamdulillahcitakan kadua ieu tiasa kalaksanakeun, mudah-mudahan baẻ aya guna sareng paẻdahna. Amin.
Bandung 1 Januari 1982.
CITAKAN III
Dina citakan ka III dilereskeun nu kalangkunga sarta ditambih sababaraha katerangan sareng do’a jumlah 81 katerangan.
Bandung 1 Nopẻmber 1983
Disalin tina buku 75 DO’A-DO’A
RASULULLAH SAW.
H.E. ABDULLAH
Citakan XVII januari 1998
Cag heula sakieu, antosan salinan
nu salajengna!
لو لا العلم لكان النّاس كالبهائم
اللّهمّ إنّى اسئلك علمًا نَافعًا، و رزقًا واسعًا، و
شفاءً من كلّ داءٍ
والله أعلم
*AbahnaJafits’s Corner Private
Library