(77) KUDU RẺA MACA SHALAWAT
أَوْلَى النَّاسِ بِى يَوْمَ الْقِيَامَةِ أَكْثَرُهُمْ
عَلَيَّ صَلَاةً. ر. ابو داود والترمذى وابن حبان: تحفة الذاكرين ٣١
Pangutama-utama
jelema deuheus ka kaula dina poe kiamat, nyaeta nu pangreana maca sholawat ka
kaula (Abu Dawud, Attirmidzi, Ibn Hibban: Tuhfatu Dzakarin 31)
Cara maca
shalawat nu dicontokeun ku Rasulullah nyaẻta nu sakumaha sok biasa dibaca dina
tahiyat – tanpa sayyidina – sarta macana teu meunang diberjamaahkeun ogẻ teu
meunang ditarikkeun, sabab teu aya contona ti Nabi pon kitu ogẻ ti sahabat. Nu dimaksud rẻa maca shalawat nyaẻta
rẻa maca hadits Rasulullah. Sabab lamun maca qolannabiyyu pasti kabaca
“Sollallaahu alayhi wa salam. Nu mindeng maca hadits bakal rẻa maca shalawatna.
Tapi sabalikna nu tara maca hadits bakal kurang maca shalawatna. Ẻta sababna nu
rẻa maca shalawat bakal meunang jaminan ganjaran, buah tina amaliyah
ngabuktikeun hadits Nabi dina lampahna.
SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private
Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth
Study Club