DU’A NAẺK
KENDARAAN (tambahan)
بِسْمِ
اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ رَحِيمٌ
Kalayan nyebat asma Allah dina waktu balayar sinareng balabuhna,
saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura sareng Nu Maha Welas Asih.
Du’a ieu diucapkeun nalika Nabi Nuh AS naẻk kana parahuna. Dicutat
tina Surat Hud ayat ka 41 nu lengkepna kieu:
وَقَالَ ارْكَبُوا
فِيهَا بِسْمِ اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ رَحِيمٌ
Lajeng Nabi Nuh (AS) cumarios: “Pẻk maranẻh naraẻk Kalayan nyebat
asma Allah dina waktu balayar sinareng balabuhna, saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura
sareng Nu Maha Welas Asih.
(9)
DU’A MULANG TI PANYABAAN
اٰيِبُوْنَ
تَائِبُوْنَ عَابِدُوْنَ لِرَبِّنَا حَامِدُوْنَ. ر. الترمذى: ٣٤٤ْ عن عازب
Abdi sadaya
mulang, abdi sadaya neda pangampura, abdi sadaya ibadah ka Gusti, ngan ka Gusti
abdi sadaya muji. (HR. Tirmidzi 3440 ti ‘Aazib).
Rasulullah
ﷺ
upami anjeunna mulang ti panyabaan, anjeunna sok maos ieu aosan.
(10)
DU’A NGAJAJAPKEUN NU BADẺ MIOS
أَسْتَوْدِعُ
اللهَ دِيْنَكَ وَ أَمَانَتَكَ وَ اٰخِرَ عَمَلِكَ. ر. الترمذى: ٣٤٤٣
Abdi neda
pangriksa Gusti sangkan ngariksa agama anjeun, jeung amanat anjeun, jeung
tungtung amal anjeun. (HR. At-Tirmidzi 3443)
Rasulullah
ﷺ
upami anjeunna jajap nu badẻ nyaba sok nyepengan kana leungeunna
nu badẻ
indit sarta tara dilẻsotkan satungtung ẻta
jalma can ngaleupaskeun panangan Rasulullah ﷺ teras
anjeunna ngadu’a nu tadi (HR. At-Tirmidzi).
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club