(22)
DU’A GUMBIRA DINA MILAMPAH HADẺ
اَللّٰهُمَّ
اجْعَلْنِى مِنَ الَّذِيْنَ إِذَا أَحْسَنُوْا اِسْتَبْشَرُوا وَ إِذَا أَسَاءُوا
اِستَغْفَرُوا. ر. ابن مَاجه: ٣٨٢٠
Nun Gusti
mugi Gusti ngajadikeun diri abdi ti golongan barungah lamun milampah kahadẻan,
sarta gancang mẻnta
hampura lamun milampah kagorẻngan. (HR. Ibnu Majah 3820)
(23)
DU’A PANGJARING DIRI TINA LAMPAH MUNKAR
اَللّٰهُمَّ
إِنِّى أَعُوْذُنِكَ مِنْ مُنْكَرَاتِ الْأَخْلَاقِ وَ الْأَعْمَالِ وَ
الْأَهْوَاءِ. ر. الترمذى: ٣٥٩١
Nun Gusti
saẻstuna
abdi nyalindung ka Gusti tina kamungkaran ahlak sareng tina kamungkaran lampah
sareng tina kamungkaran hawa napsu. (HR. At-Tirmidzi 3591)
Saur
Qothobah salah sahiji sahabat Rasulullah, Rasulullah sok maos ieu du’a. Dina
sanẻs
katerangan, ahirna ditambahan “Wal adwaai”, panyakit nu bahaya.
SALINAN BUKU 75 DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s Corner Private Library
Al-Furqan Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah
Banjaran L7 No. 7, Nagrak, Cangkuang-Kab. Bandung