KENDARAAN LAUT
بِسْمِ
اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ رَحِيمٌ
Kalayan nyebat asma Allah dina waktu balayar
sinareng balabuhna, saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura sareng Nu Maha Welas Asih.
Du’a ieu diucapkeun nalika Nabi Nuh AS naẻk
kana parahuna. Dicutat tina Surat Hud ayat ka 41 nu lengkepna kieu:
وَقَالَ
ارْكَبُوا فِيهَا بِسْمِ اللَّهِ مَجْرَاهَا وَمُرْسَاهَا إِنَّ رَبِّي لَغَفُورٌ
رَحِيمٌ
Lajeng Nabi Nuh (AS) cumarios: “Pẻk
maranẻh naraẻk Kalayan nyebat asma Allah dina waktu balayar sinareng balabuhna,
saẻstuna Gusti Nu Maha Pangampura sareng Nu Maha Welas Asih.
KENDARAAN DARAT
سُبْحَانَ الَّذِيْ سَخَّرَ لَنَا هٰذَا وَمَاكُنَّا لَهُ مُقْرِنِيْنَ
وَإِنَّا إلَى رَبَّنَا لَمُنْقَلِبُوْنَ
Maha Suci Allah nu parantos nalukkeun keur abdi sadaya ieu (kandaraan).
Padahal sateuacanna abdi sadaya teu aya kamampuan keur meruhkeunana, mung ka
Gusti pangbalikan abdi sadaya. (HR. Abu Dawud jeung Tirmidzi).