Ngado’a neda ka Allah, lain
sakadar pamẻnta ku lisan baẻ, tapi kudu dijangjangan ku lampah jeung ibadah anu
bener, sangkan do’a katampi ku Allah.
إِلَيْهِ
يَصْعَدُ الْكَلِمُ الطَّيِّبُ وَالْعَمَلُ الصَّالِحُ يَرْفَعُهُ - فاطر: ١٠
“Ka Allah nepina kalimah nu
hadẻ, jeung amal nu solẻh ẻta bakal ngangkatkeunnana”. (QS. Al-Fathir, 35:10)
Tegesna mun sakira
pimaslahateun ẻta pamẻnta, dikabul tapi lamun sakirana matak bahaya lamun dicumponan
kahayangna ku Allah ditahan pamẻntana, do’ana tetep di’ijabah tapi kudu sepi
tina lampah doraka, jeung tara ma’siat nu sok megatkeun kana katampina do’a.
Ngado’a bari tetep ma’siat,
lamun laksana ẻta hartina ISTIDRAAJ, panyungkun ti Allah.
إِذَا رَأَيْتَ
اللهَ يُعْطِى الْعَبْدَ مِنَ الدُّنْيَا وَ هُوَ مُقِيْمٌ عَلَى مَعَاصِيْهِ
فَإِنَّمَا ذٰلِكَ مِنْهُ اِسْتِدْرَاجٌ - احمد، الطبرنى، البيهقى
“Lamun anjeun nempo Allah
masihan ka hiji jalma kadunyaan, bari manẻhna tetep dina ma’siat ka Allah, saẻstuna
ẻta tẻh panyungkun ti Allah.” (HR. Ahmad, Thabrani, Baihaqi)
Do’a nu bakal dikabul,
do’ana jalma nu solẻh, nu taat ibadah ka Allah.
وَ الله يَأْ خُذُ
بِأَيْدِيْنَا إِلَى مَا فِيْهِ خَيْرٌ لِلْاِسْلَامِ وَ الْمُسْلِمِيْنَ