(28)
DU’A KAMASLAHATAN DUNYA AKHẺRAT
اَللّٰهُمَّ
أَصْلِحْ لِى دِيْنِى الَّذِى هُوَ عِصْمَةٌ أَمْرِى وَ أَصْلِح لِى دُنْيَايا
الَّتِى هِيَ مَعَاشِى وَ أَصْلِح لِى اٰخِرَتِى الَّتِى فِيْهَا مَعَادِى
وَاجْعَلِ الْحَيَاةَ زِيَادَةً لِى فِى كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً
مِنْ كُلِّ شَرٍّ. ر. مُسلم: ١٨٦٩ عن أبى هريرة
Nun Gusti
mugi Gusti ngamaslahatkeun agama abdi anu ẻta tẻh
pangjaring diri abdi; sareng mugi gusti ngamaslahatkeun kadunyaan abdi anu ẻta
tẻh
kahirupan abdi; sareng mugi Gusti ngamaslahatkeun akhẻrat
abdi anu didinya tẻh
tempat pangbalikan abdi; mugi Gusti ngajadikeun hirup ieu tẻh
nambih kasaẻan
pikeun abdi dina sagala-galana; sareng mugi Gusti ngajadikeun maot ieu tẻh
hiji kasenangan, tebih tina sagala dosa. (HR. Muslim 1869 ti Abu Huraẻrah)
(29)
DU’A NEDA SẺHAT KAIMANAN
اَللّٰهُمَّ
إِنِّى أَسْأَلُكَ صِحَّةً فِى إِيْمَانٍ وَ إِيْمَانًا فِى حُسْنِ خُلُقِ وَ
نَجَاحًا يَتْبَعُهُ فَلَاحٌ وَ رَحْمَةً مِنْكَ وَ عَافِيَةً وَ مَغْفِرَةً
مِنْكَ وَ رِضْوَانًا. ر. الحاكم. المستدرك ١/٥٢٣ عن أبى هريرة
Nun Gusti
saẻstuna
abdi neda ka Gusti kasẻhatan dina kaimanan sarta kaimanan
dina hadẻna
tingkah laku sareng nyuhunkeun kauntungan nu dituturkeun ku kabagjaan sareng
neda ka Gusti rahmat Gusti sareng kasẻhatan nu sampurna sareng
panghampura ti Gusti sareng karidoan Gusti. (HR. Al-Hakim, Mustadrak 1/523 ti
Abu Huraẻroh)
SALINAN BUKU 75
DO’A-DO’A RASULULLAH ﷺ H.E. ABDULLAH
AbahnaJafits’s
Corner Private Library
Al-Furqan
Islamic Kid and Youth Study Club
Sanggar Indah Banjaran L7 No. 7, Nagrak,
Cangkuang-Kab. Bandung
