Sabtu, 07 September 2024
HIJI MANGSA DI MASJID
Poé juma'ah, saba'dana jumaahan, Ucok, urang Batak nu karék sabulan ngumbara di Bandung kaluar ti masjid. Teu sabaraha lila manéhna ambek-ambekan bari kokoréléngan di buruan masjid. Singhoréng sendal capitna teu kapanggih, jigana mah aya nu butuh. Ningali aya budak, manénah nanya ka budak.
Si Ucok : "Jang, ningali sendal saya?"
Budak : "Henteu, Bang. Pahili meureun, Bang!"
Si Ucok : "Bodat? (Bodat téh hartinya “Monyét”) Orang mana itu si Pa Hili? Berani benar ambil sendal saya?"
Keur kitu torojol Pa Haji. Ningali Si Ucok ambek-ambekan tuluy nanya.
Pa Haji : "Aya naon, Bang?"
Si Ucok : "Ini Pa Haji, sandal saya hilang. Diambil orang, rupanya. Pa Haji ada lihat sandal saya?"
Pa Haji : "Nu kumaha? Yang bagaimana sendalnya?" Ceuk Pa Haji seuri.
Si Ucok : "Suwalow, Pa Haji. Warna Biru."
Pa Haji : "Pagentos meureun Bang, da nu kitu mah pabalatak, loba nu bogaeun." Cenah kitu téh bari tetep seuri.
Si Ucok : "Bodat? Bah, rupa-rupanya malingnya ada tiga orang?" Si Ucok terus uring-uringan.
Pa Haji : "Baruk?" Pa Haji colohok.
Si Ucok : "Empat orang pula rupanya?"
Pa Haji : "Maksudnya kumaha Bang?" Ayeuna mah Pa Haji kerung.
Si Ucok : "Itu? Baru saja Pa Haji katakan tiga orang yang ambil sandal saya kan? Pa Gentos, Pa Balatak dan Faruk. Iya kan? Terus tadi anak-anak ini bilang (bari nunjuk barudak nu keur ulin di buruan masjid), Pa Hili juga adalah termasuk komplotannya pula."
Pa Haji : (Nyéréngéh bari agap tarang) "Anggeus ah Bang. Lieur kami mah, mending gé ayeuna mah meuli ciréng, ketan bakar, bakwan, kurupuk jeung réa-réa deui. Urang cocolan sambel cing lada. Pokona mah nikmat. Ambéh uteukna séhat deui geura, teu harééng."
Si Ucok : "Kalau itu saya mémang suka."
Pa Haji : "Heueuh Bang kitu. Keun sendal mah kin ku kami digantian."
Saran Bacaan untuk Anda
Adab Murid dan Guru
Oleh: سعيد حوى Murid memiliki adab dan tugas (wazhifah) lahiriyah yang banyak, di antara abab dan tugas seorang murid adalah tidak b...

Postingan Terpopuler
-
Oleh: Prof. Dr. K.H. Hamid Fahmy Zarkasyi, M.A.Ed., M.Phil. Ketika saya berkunjung ke perpustakaan Islamic Research Academy di Leicester...
-
Islamic Worldview Worldview (dalam bahasa Inggris) weltanschauung atau weltansicht (Jerman), terkadang juga disebut paradigma. Menurut...